diwaktos ieu wengian
abdi estu kur nyorangan
anu banget kasepian
sabab tebih tipujaan
ngalamun sisi lautan
bari bintang ngaricepan
nambih rasa karinduan
rindu ka sosok pujaan
untung bisa teleponan
sareng habibi pujaan
najan nyarios sorangan
tapi manah bingah pisan
sora omak nu ngaguruh
kana hate asa nyentuh
ka kabogoh ukur mampuh
kontekan ti jarak jauh
lantunan dewa sairan
kaputri cinta pujaan
nyiptaken dat katenangan
tina rasa karinduan
habibii sim abdi rindu
rindu ka anjen nu ayu
ter utami mun ngadangu
syair habibii nu merdu
Belum ada komentar di: Syairan cinta Versi Sunda 1